Program Workshop Ekslusif Karir & Bisnis JC


Nyumponan usulan ti para member Jampang Community kanggo diayakeun kelas latihan husus kanggo ngaberdayakeun tur ngembangkeun kaahlian guna diajar usaha mandiri di lembur sorangan, tim JC langsung maparinan ngayakeun kelas-kelas palatihan ekslusif di basecamp JC kanggo sababaraha widang.

Kanggo danget ayeuna nembe difokuskeun kana dua widang nyaeta:

1. #PercepatanKarirPlus & #EsensiBisnis
Kelas ekslusif kanggo solusi baraya anu hoyong kenging padamelan hade ku cara anu leres.

Info lengkep mangga simak di brosur.

2. #OptimasiBisnisOnline (Internet)
Kelas khusus kanggo diajar ti dadasar dunia bisnis internet ku cara sederhana namung hasilna heded pisan.

Info lengkep mangga simak di brosur.

Kelas-kelas ieu murni sanes teori, tapi murni dicandak tina riset, studi kasus, Tim Pupuhu JC dina ngawangun bisnis online anu legal, halal, tur ngahasilkeun.

Murni sanes MLM, Money Game, asuransi, jeung sajenisna.

Kanggo studi kasus sederhana baraya tiasa nyimak fanspage Quadrant International SukabumiToday.Com, sareng Ujung Genteng Tourism anu murni mahakarya baraya member Jampang Community. tur tos rea ku bukti prestasi di jerona eta bisnis online sewang-sewangan.

Mangga tiasa langsung diintip ka TKP tur langsung klik LIKE/SUKA di fanspage sewang-sewangan eta.

Kagiatan ieu murni GRATIS, dina ayana materi murni ti member nyalira teu aya paksaan tur dina ayana hasil sumbangsih materi 100% bakal disalurkeun kana kas JC kanggo warga anu layak narimana.

Kanggo baraya anu hoyong babagi elmu oge hoyong daftar janten member mangga langsung diskusi di kolom komentar.

Acarana rutin diayakeun dua mingu sakali dina poe mingu rutin jam 9-an paiisuk salila maksimal 1,5 jam - 2 jam.

Kanggo acara perdana (1st Meet-Up) bakal dilaksanakeun dina poe mingu isukan.

Lokasina di BaseCamp JC di Leuwinanggung caket SDN 2 Bojongsari, Leuwinanggung, Cinagen, Jampangkulon.
Sumangga.

1 comment