Minimarket Nangtung di Tempat jeung Waktu anu Can Saluyu.

lokasi nu bakal dijieun minimarket di citanglar
Antara Untung jeung Rugi, Manfaat jeung Mudharat.
Ieu foto dipotret di Citanglar, Surade, Kabupaten Sukabumi, hareupeun Bale Desa Citanglar pisan nuju direhab kanggo diwangun Indomaret. Jadi masyarakat anu tebih ka Cinagen sareng ka Surade di antara dua target balanja ka retail sapertos Alfamart jeung Indomaret, ayeuna parantos aya di tengahna pisan tur potensial. Indomaret di Citanglar, pas pisan hareupeun Bale Desa jeung potensial da aya pasar baru Citanglar anu pangramena dina poe sabtu plus ditambahan ku ramena di dinya aya radio anyar, perumahan anyar belah ditueun lapang sepak bola, oge saabregna jalmi kaya tina hasil usaha jual beuli emas, gula beureum, oge pausahaan lain anu kacida motekar tur terkenal. Nu lainna anu sahandapeun eta teu kudu dicaritakeun, rea intina mah.

Citanglar daerah lahir kuring, desa kuring. Baheula mah asri pisan hese lah intina mah baheula mah dirongrong ku investor-investor teh, lain ku ulah tapi aya strategi jeung waktuna ceuk basa kerenna mah. Teu eleh geleng jeung teu aral kapalang, taneuh belah handapna beres dibeuli ku Alfamart, masih keneh di Citanglar paling jarakna antara Indomaret eta jeung Alfamart sakitar 500 meteran. Ger dua pausahaan badag pahareupa-hareup, mangraung-raung meunangkeun kauntungan ti masyarakat sakitar engkena. Anu lucuna, warga sabudeuereun eta utamana warga pasar anu kabilang acan loba (da masih rea kios anu kosong) kacida bungahna dibere duit 27rb sewang keur meunangkeun persetujuan diwangunna eta Indomaret tea. Sangkilang di eta kompleks pasar teh toko kelontongan oge rea, jeung sabudeureuuna aya nepi ka tujuh toko kelontongan mah. Rea lah sakitu mah itungann keur di daerah kuring mah.

Mangga emutan, lain ku ulah eta duit 27rb saurang anu keur di pasar sabaraha lila sih umurna 27rb? Tapi teu kaitungkeun muereun pikumahauen umur usaha maranehna utamana anu kelontongan bakal kagencet pisan ku ayana Indomaret jeung alfamart di dinya. Gaya sih bener, beres katelah ciga kota tapi jigana acan waktuna da strategina jigana asa kurang merenah, cigana numutkeun kuring we eta mah.

Mangga we emutan anu muka usaha di pasar rereana lain lulusan sakola luhur jeung aktif di organisasi, acan ngalartieun naon ari strategi marketing, selling, penetrasi, jeung praktek bisnis lainna. Anu kapikir ku nu boga usaha kelontongan mah kumaha carana usaha jalan, tapi jigana acan kabayang umur usahana lamun pas hareupeunna pisan aya retail berkelas saperti Indomaret jeung Alfamart.

Kuring aslina nembe apal da jarang ka Citanglar. Kuring ge teu bisa walakaya da lanceuk ge tiluan muka usaha di pasar eta. Sing kukumahaan oge pasti lehe lah omzet, profit jeung itu ieuna ku retail berkelas saperti Indomaret jeung Alfamart mah dibandingkeun toko kelontongan biasa mah, mana hahargaanna murah di retail Indomaret jeung Alafamart mah, mana resik, mana gaul, mana sagala aya, ah pikabiteun wunkul. Lamun beres ngadeg kitu tur beres dimulai, saha anu bakal bisa ngereunkeun masyarakat jadi konsumen ngaburdul ka retail eta dibandingkeu ka toko kelontonganna? Moal bisa da eta mah hak maysrakat salaku konsumen.

Duka, duka kumaha, ieu mah tadi we iseng pas liwat tur tatanya sakalian difoto. Sumangga.

Postingan anu lengkep jeung diskusina tiasa disimak di link ieu atanapi klik alamat ieu https://www.facebook.com/groups/like.earth/permalink/10152595752432499/

Sumangga.

Post a Comment