Service Rudet Mesin EDc di Minimarket Pajampangan, Jabar Selatan

ilustrasi minimarket di surade, pajampangan. 

Ari di daerah baraya rea teu sih dibere layanan ku petugas minimarket saperti Alfamart, Indomaret jeung sajabina anu pas bade transaksi ngagunakeun kartu debit naon wae bank-na boh Mandiri, BCA, BNI oge kartu e-Money (utamina di Indomaret) oge Flazz (utamina di Alfamart, anu ieu mah asih keneh kawates bisana di Jabodetabek wungkul) sok dibales ku kalimah kieu.
"Punten A, jaringanna nuju error."
"Punten, Pak. Teu tiasa nyeta ieu teh mesinna."
Sareng jawaban sajabina.
Nu jadi masalah, samemeh eta para karyawan "dijarebloskeun" gawe di eta minimarket pastina beres aya training heula kaasup training dina masalah layanan transaksi make mesin EDC khusus kartu keu konsumenna engke. Aslina asa teu mungkin lamun teu diajarkeun lamun sakirana di eta minimarket sing jareblag aya sababaraha hiji mesin EDC-na.
Asa ku tiap balanja niat make kartu debit apakah emang enya ngahantem jaringan error? Asa ku klasik pisan apa emang enya teu bisa makena? Da lamun ditilik mimikna para petugasna mah jiga anu beneran kudet teu bisaeun ngagunakeun eta mesinna.
Padahal mah ku ayana mesin EDC konsumen leuwih resep balanja, makin gancang transaksina, makin heded, ah garenah we.
Ieu mah kajadian anu mindeng pisan di Jampangkulon-Surade oge pernah kajadian kaalaman langsung ku sorangan di Lembursitu.
Eh masih panasaran, biasana minimarket anu teu bisaeun petugasna kitu teh wilayah Cinagen, bieu pisan tas magrib jeung pamajikan dek nyobaan ah ka anu di deukeut alun-alun, ari pek teh sarua error cenah.
Ditanya ku kuring, "Beres sabaraha lila?"
"Tos tilu sasih A."
"Terus diantep wae?"
"Kantos leres sih A, mung error deui wae."
"Diantep deui keneh?"
Ngahephep,
"Anu BCA mah tiasa A, mung anu Mandiri, BRI, BNI mah teu tiasa."
Kuring makena BNI, da anu Mandiri jeung BCA khususon keur kabutuhan anu lian teu bisa disahijikeun. Uyuhan maish keneh disabaran sanajan keuna 5rb perak ge da beda bank.
Inget, di daerah Jampang Surade acan aya ATM Mandiri anu buka 24 jam (aya ge Mandiri Syariah tapi beres misah ti Mandiri artina lamun urnag transaksi di antara Mandiri reguler ka Mandiri Syariah atawa sabalikna apsti dikeunakeun biaya, pasti eta mah). BCA? Komo can aya ATM-na pisan. BRI? Alhamdulillah ATM-na ge error wae. BNI? Lumayan lah aya sanajan kakara ATM wungkul jeung jauh ge ti Jampang ka Surade.
Kabayang teu lamun kajadianna keur butuh ngadadak balanja komo lamun wisatawan anu embunguen ribet ku duit cash heg teu bisa make mesin EDC, pasti matak pikeuheuleun pisan da.
Postingan ieu mangfaat pisan lamun ku baraya diterapkeun kana dunya usaha heg mere service atawa layanan anu goreng ka konsumen, aslina matak bawel konsumen mere kabar goreng ka masarakat lianna. Ati-ati, biwir konsumen leuwih seukeut tibatan silet.
OlderNewest

Post a Comment