ATM BNI46, Hiji-Hijina sa-Jampang-Surade sareng Sabudeureunna



Ieu mangrupakeun bank pang favorit kuring salian CommonwealthBank nembe BCA pangluhurna, utamina kanggo rahayat sapertos urang balarea, salian produk tabunganna bener-bener rea anu sasuai sareng konsep nabung sabenerna (di mana ulah nepi ka loba duit kacokot tiap bulanna), lengkep fasilitasna, hade layananna. Komo lamun di Surade aya kantor cabang Bank-na heg apal elmu nabungna jigana bakal rea anu parindah nabung ka bank ieu.

Upami nilik tina segi efektivitas oge mobilitas bisnis, BNI tetep lebet kategori nu panglengkepna internet bankingna sami sareng BCA, Mandiri, Commonwealth mah, saguru saelmu we.

Cuman anu pangkerenna tina BNI teh hiji-hijina bank anu produk Tabungna-Ku-na lengkep sareng ATM-na, Internet Bankingna, jeung sajabina, otomatis kanggo rahayat mah paling dibutuhkeun tabungan kieu teh margi ungal bulan moal dicandak saperak-perak acan tur saldona ge aslina tiasa nepi ka NOL rupiah, bank sanes mah pan wajib kedah aya artos ngendap di lebet ATM teh minimal 50rb, komo Mandiri mah 100rb.

Komo lamun dina atm di Surade lengkep aya ATM setoran tunai sareng ATM tarik tunai anu 20rb-na makin cocok we kanggo rahayat mah.

BRI etangan kanggo rahayat mah eungap teuing, sami sareng bank sanesna, mung margi anjeunna market leader perbankan komo kanggo di daerah-daerah janten weh saolah rahayat teu aya pilihan sanes.

Saleresna tiap bank tetep aya produk Tabungan-Ku mung di BNI Reguler, BNI Syariah, sareng Commonwealth wungkul anu lengkep dipasihan ATM sareng Internet Bankingna, anu sanesna mah mung tabunganna wungkul teu dipasihan kartu ATM-na.

Kanggo efektivitas sareng mobilitas padamelan oge bisnis mah jelas internet banking sareng ATM mutlak diperyogikeun komo tiap sasihna teu dicandakan artosna mah makin sae, komo deui saldo ngendep dina ATM-na tiasa NOL rupiah mah, ah panglengkepna we.

Bank anu sanes rereana langkung payun masalah Gengsi/Gaya.

Kanggo efektivitas balanja tetep BNI sareng Commonwealth tetep tiasa, upami di Surade Jampang upami balanja ka Alfamart kuring langkung resep nganggo kartu ATM BNI ditambihan ku ningalikeun kartu member Alfa-na duh kenging bonus/diskon teh meuni ageung pisan da, jadi weh irit pisan 

Mung saukur ngemutan Produk tabunganna nyaeta Tabungan-Ku, langkung sae anu syariah margi teu dicandak saperak-perak acan, mung akang kedah nyarios ti payun hoyong didamelkeun Tabungan-Ku Syariah kituh margi upami teu nyarios ti payun biasana sok langsung didamelkeun tabungan reguler nyaeta Taplus Reguler, mirah sih eta ge mung tetep panghadena mah Tabungan-Ku.

Jabaning ti eta tiap bank moal ngaekspos yen di tiap bank aranjeunna aya produk Tabungan-Ku margi upami dicarioskeun kauntungan kanggo aranjeunna mung sakedik bahkan tiasa disebat NOL, tapi sanaos kitu Produk Tabungan-Ku mah mangrupakeun produk sareng program wajib BI, janten kedah aya di sadayana bank boh bank nagari atanapi swasta, boh reguler atanapi konvensional 

Biaya administrasi jeung biaya anu lian diperlukeun ku pihak bank kanggo operasional, tapi kanggo rahayat di urang mah mayoritasna skala small tetep we artos ngendep 50rb dina lebet ATM teh asa WAH pisan da karaos ageungna teh, komo deui upami dicandakna sabulanna 10-15rb tina admin asa teu karaos da.

Matakna saur guru kahirupan abdi mah Saving teu lebet kana kategori investasi.

Ah ieu mah etang-etang praktek lalaunan we, tama teuing lebar elmu kapungkur pas di masih keneh damel di BSD City, alhamdulillah karaos pisan ayuena mah kanggo penghematan teh 

Sumangga.

Post a Comment