Layanan Bisnis; Masalah Etika jeung Parasaan Konsumen

Ampir kabeh, teu dimana teu iraha mayoritas usaha, aktivitas anu aya patula-patalina jeung nagara pasti rudet, rieut, antukna masarakat nyieun panglumpatan jeung mere kapercayaan total ka swasta. Sanajan hargana mahal dibabad ku masarakat mah da hasilna leuwih muaskeun ti swasta dibandingkeun di negeri.

Conto nyata, baheula pas dek kerjasama ngirim kaos JC ti Surade ka baraya member anu di luar Sukabumi niat awal hayang kerjasama jeung kantor POS, kendae kajadian anu goreng anu beres kaliawat mah dek dipohokeun we ari jadi deal mah kerjasama ieu. Aslina loba da kajadian POS anu ngajengkelkeun samemehna ka kuring.

Harita ku kuring ditelepon heula, malah malik nitah kudu datang ka lokasina di Surade. Tina segi etika bisnis beres teu sopan pisan lamun ngaluarkeun panitah ka prospek atawa calon konsumen, jabaning ti eta jaman kiwari anu ngaranna selling produk dina hp ge jalan. Ieu mah mana beres ditelepon ku prospek mana nitah deuih. Baheula pas kuring gawe di kantoran di BSD City Tangerang Selatan lamun aya info asup hiji prospek komo potensial sok langsung tim ngahubungi balik ka eta prospek lain kudu prospek anu beak dengkak komo kudu ngahayoh dititah mah.

Nepi ka kantor POS Surade nanya bisa henteuna kerjasama bla...bla... Dijawab "Aduh, Jang punten ujangna kedah angkat langsung ka kantor POS anu di Sukabumi kota kedah itu kedah jeu."

Mangga perhatoskeun eusi kalimah eta. Aya dua fakta anu fatal pisan matak ngabatalkeun proses negosiasi kana tahap saterusna, hiji masalah kabiasaan nitah banget teu sopan tur birokrasina lieur pisan. Kadua masalah sapaan eta oge krusial, dina kasus ieu lain prospek sifatna gelo ku pikahormat tapi cih atuh ari mangil dina dunia profesional mah biasakeun mangil Bapa/Ibu, beda rasa, beda arti, beda hasil. Sok we bandingkeun lamun urang sewang-sewangan dipangil Mas/Mbak jeung dipangil Bapa/Ibu merenah keneh anu mana?

Salian ti kondisi fisik bangunan jeung ruanganna kotor pisan, pasedek-sedek, sistem antrina teu jelas, pelayanan ku jarang seuri tulus, cemerut wae, plus kabiasaan pihak POS sok tara nepikeun barang ka alamat tujuan langsung dianteurkeun, kudu dicokot ku konsumen ka kantorna. Majarmaneh upami aya nomer teleponna ku pihak POS di dieu disms miwarang dicandak, eta kabiasaan nitah masih tetep dibabawa kana ampir kabeh aktivitas kantor banget ngeselkeun konsumen, jabaning ti eta maenya kudu sms? Masarakat di lembur urang utamina anu karolot teu pati ngartieun sms da teu bisaeun, nelepon ge ngan saukur bisa narima. Tah, naha meunang teu ditelepon wae? Keur naon aya fasilitas motor POS lamun barangna teu dianteurkeun?

Pernah oge kajadian aslina barang ti Taiwan ti indung angkat dicek dina internet beres nepi ka bandara Soetta, terus ka Bandung ngan saumur dua poe, eta ti Bandung ka Surade kot bisa nepi ka 12 poe, heded lah. Ahirna mah batal weh niat kerjasama teh tur dipindahkeun ka jasa kurir swasta JNE Surade, aman, tenang, untung, tur heded layanan anu dibikeunna.

Eta mangrupakeun conto layanan bisnis anu banget goreng di urang, termasuk di perbankan saperti BRI. Emang dina dunia saham manehna mangrupakeun salasahiji saham perbankan anu heded di antara total tilu, Bank Mandiri, BCA, BRI. Tapi aslina mayoritas kabeh BRI di daerah urang pelayananna goreng ditamah fasilitasna oge teu lengkep, internet banking ribet, satpam kamana karep lain fokus ngalayanan nasabah muka jeung nutupkeun panto bari ku seuri someah. Beda jeung bank lian satpam kot nepi ka dua fokus dina panto tur giliran ngajeujeuhkeun nasabah bisi meunang kahese.

Aya bank negeri anu hade ngan kurang malahan acan aya di Jampang mah kantor cabangna tur acan aya sosialisasi atanapi edukasi ka masyarakat antukna masyarakat mikir ah da meureun emang kieu kabeh sistem di bank mah matakan beres we ka BRI. Aya antek ATM BRI mah rutin error dina tiap mingu teh sok aya wae errorna, antukna masarakat ti ujung Jampang nepi ka ujung Surade mapay-mapay ATM.

Baraya, ieu tulisan kacida mangfaatna kanggo baraya anu kiwari bade muka usaha atanapi tos ngajalankeun pausahaan di daerah urang, omat service teh krusial pisan, masalah etika jeung parasaan.

Kuring lamun ngadokumentasikeun UKM daek dipublish dina album resmi ku basa anu hade, jujur antukna masarakat rea anu datang meuli lamun karasa jelas ku kuring service ti pausahaan eta alus. Lamun goreng nya bisa jadi goreng oge ke wartana.

Sumangga.

Post a Comment