Memori Kahirupan Ngudag Impenan Kasuksesan Hirup

ilustrasi kahirupan di Lembur /doc JC group FB
Taun 2007 jadi salasahiji bukti sajarah kahirupan kuring. Dina wanci harita kuring maksakeun maneh, ngaleyed, teu nyadar diri, teu ningali kana kaayaan. Dina wanci harita pisan, sakabeh kulawarga teu aya nu apaleun yen kuring ngiluan testing ka sahiji SMA Pangfavorit jeung panghadena (numutkeun percenahan nepi ka kiwari sakola eta masih nyekel predikat tadi). Emang waktu harita kuring kacida teu nalipak diri, teu nyadar kana kayaan kulawarga yen kuring teu lain ngan saukur teu mampu deui tina masalah ekonomi kahirupan, da faktana masalah duit mah kacida nyekek beuheung kahirupan kulawarga kuring.


Jabaning ti eta, sanajan kulawarga kuring katelah palinter di sakola, mung matak ngajerit hate lamun ningali kahayang dulur-dulur sagetih sadaging di kulawarga da teu bisa neruskeun sakola. Bapa kuring asli lain wadul teu sakola-sakola SD acan, indung mung nepi ka kelas opat SD ge henteu, da kaburu dititah kuli ku kolotna baheula, teu lila dihijikeun ka Bapa kuring.



Lanceuk awewe panggedena (anak kahiji) pinterna taya papadanna ti kelas hiji nepi ka kelas genep SD pasti aya di urutan kahiji, kadua, panggorengna katilu rangking raporna. Mung waas, lulus ti SD langsung diajak kuli itu ieu, kaasup kuli macul ngabantuan Bapa kuring di sawah batur. Sakabeh pakulian anu dilakonan ku kolot (Indung Bapa) dilakonan oge ku manehna.



Kitu deui dua lanceuk lalaki (anak katilu jeung kaopat, anak kadua awewe maot nalika umur 10 taun), ti saberes lulus SD ti wanci isuk nepi ka sore mapay-mapay lembur ngajual es dagangan dununganna. Di ubek tiap lembur ngan saukur leumpang, sangkilang babawaan es kacida beuratna. Sok ngajerit lamun ningali dua lanceuk eta balik nungkulkeun sirahna tanda es jualan ti dununganna laku saeutik, padahal pasti kacipta ku capena oge.



Biasana samemeh arindit ngurilingan pilemburan, dua lanceuk lalaki kuring eta sok maksakeun maneh ngahaja teu waka ngider tapi balik heula ka imah sorangan, nyokot 3 bungkus es jatah maranehna lamun haus di jalan, tapi tara pernah didahar ku maranehna iwal ngahaja dibikeun keur kuring salaku adi pangbungsuna. Jatah maranehna biasana digantian ku cai nginum biasa bawa ti imah jeung timel leutik eusina tarasi jeung uyah. Maranehna rido pisan teu ngadahar jatah sorangan ti dununganna melaan adi. Kajadian dagang es eta terus-terusan salila mangtaun-taun. Sabab harita kuring can kacida apal kana kaperih hirup, asa jarang nyakclakkeun cimata teh.


Beda jeung lanceuk lalaki pangais bungsu, manehna ti leutik jarang pisan nyekel pacul jeung sajabana. Jarang gawe ripuh. Manehna sorangan oge anu ngamimitian ngarasakeun sakola luhur, nepi ka STM di salasahiji STM pangkolotna di daerah kuring harita. Manehna oge anu jadi pupuhu preman di sakolana, pupuhu pas tawuran jeung sakola lian, lain mineng deui kolot kuring datang dipangil ku pupuhu sakola eta akibat kalakuan lanceuk kuring anu pangais bungsu. Lamun di imah hampir ungal poe dor dar hog hag pasea nepi ka gelut jeung kuring, pernah hiji wanci kuring anu awakna leutik pisan dialungkeun ti luhur galengan anu jadi jalan warga ka sawah di handapna anu luhurna aya nepi ka sameter satengahna. Nu jadi masalah harita lain masalah sameter satengah jarak luhurna eta galengan ka handap, tapi kutarik jeung jauhna awak kuring dialungkeun ku manehna, nepi ka kiwari kadang kuring sok babarian dina masalah kasehatan lambung, duka teuing akibat pasea baheula jeung lanceuk.

Sabenerna lanceuk anu dagang es ge duanan sarua sok pasea nepi ka gelut, da mun ningali bedana umur sewang-sewangan ti lanceuk kahiji ka tiap adina teu jauh beda. Nepi ka kiwari aya ceda anu teu leungit di lanceuk lalaki anu kaopat, leungeunna penek sabeulah akibat tulangna pas leutik potong da ngahayoh pasea nepi ka gelut enyaan. Ngan anehna ari keur jaman leutik mah, babari pasea, babari oge pahadena. Kadang teu kuat ningali kolot mikiran kuring jeung lanceuk-lanceuk kuring anu kahirupanna loba pasea, era pisan jigana ku tatangana. Gusti, karunya pisan kolot kuring. Hampura sakabeh dosa kuring jeung lanceuk-lanceuk kuring ya Allah.

Sanajan kitu, kulawarga kuring katelah palinter pisan. Saperti anu dijelaskeun di luhur lanceuk awewe anu panggedena pinter kabina-bina, lanceuk lalaki anu dagang es duanana ge sarua, kacida sok stress jigana baheulana lamun manehna rangkingna aya nu ngelehkeun ku babaturanna. Ngan kuring jeung lanceuk pangais bungsu anu rada mineng narima angka saluhureun lima dina rapor teh, pernah kuring narima angka kue bidara dina rapor. Datang ka imah lain diupahan malah beak dicarekan ti ditu ti dieu, maklum ti leutik jadi bungsu biaya hirup jeung sakola kuring dibiayaan ku dua lanceuk anu dagang es. Duit kulianan ti dunungan es biasana sok diserahkeun langsung ka indung kuring da cenah keur biaya sakola si bungsu nyaeta kuring tea.


Nalika narima kabar kuring meunang rangking 8 asa teu narima jigana maranehna. Kuring ngarasa, da kuring harita asa kapiluan bangor ku lanceuk anu pangais indung. Saburaong-buraongna oge lanceuk kuring anu pangais bungsu acan pernah meunang angka kue bidara pas SD-na. Aneh pisan. Komo pas SMP, pernah kuring narima angka 13! Leuwih ti angka salosin, angka dua belas pas dina sepak bola, padahal kuring masih leuwih bageur tibatan lanceuk kuring anu preman.


Balik deui kana inti carita di awal. Nalika kuring ngabejerbeaskeun ka sakabeh kulawarga (kolot jeung lanceuk-lanceuk) yen kuring beres ditarima, terus dijelaskeun yen keur asupna kudu aya biaya pamuka lawang jeung waktuna kudu lunas maksimal 7 poe. Waktu harita biaya pamuka lawang kuring sakitar 600rb-an leuwih, tapi keur kulawarga kuring mah karasa dek kiamat neangan duit sakitu dina waktu singkat teh, beda keur nu lian mah. Pas ngadenge kitu, ampir kabeh lanceuk ngamuk teu puguh, bahkan aya nu langsung ngagaplok tarik nepi ka jelas tapak dampal leungeunna dina pipi kuring. Kuring teu bisa walakaya. Da emang kuring sadar, kuring salah.

Nu jadi akibat ampir kabeh lanceuk kuring ngamuk lain nagarasa maranehna dibere tinakan teu adil ku kolot kuring sabab kuring jeung lanceuk kuring pangais bungsu bisa nepi ka tingkat SMA, lain, lain eta. Tapi maranehna sadar matak ngucur cipanon, kesang jeung pikiran stress neangan duit tina dagang es muihan lembur-lembur ti isuk nepi ka wanci sore melaan kuring, jigana beres teu mampu deui kudu meunang duit sakitu dina waktu singkat. Ari kuli dagang nu kitu teu sabaraha. Acan kuring ti SD nepi ka SMP dibiayaan ku maranehna, jaba kuring rada dipangbedakeun dina gawe ripuh. Lain sabab kuring boga gelar bungsu, lain, tapi akibat kuring boga panyakit amandel, babari kaserang maag tur duanana leungeun kuring potong tulangna, jelas pisan nepi ka kiwari duanana leungeun kuring beda jeung nu lian. Jelas pisan benyolan tulang akibat potong disambungkeun deui tapi teu pas. Matak lamun kuring babawaan atawa migawe anu rada beurat palaur cilaka ningang ka diri sorangan babawaana. Da emang faktana leuenguen kuring teu bisa nyekel babawaan cara nu lian. Mun upacara ge dina ngahormat bendera teu bisa bener da potong tea.

Ari dulur-dulur kuring hayangna kuring lulus ti SMP beres we, langsung bantuan kolot jeung lanceuk-lanceuk gawe naon wae, nu penting meunang duit keur neruskeun kahirupan isukna. Da lain basa lain carita dahar cukup ku uyah, tarasi jeung cabe ge kacida anehna. Atawa tutug opak, kitu ge dua mingu sakali mun nu dagangna ngaliwat, bari nganyuk. Namung pas Bapa kuring nyarita, kabeh repeh teu aya nu wani nemal.

“Kendae da geus beres kajadianna ge. Ayuena waktuna sakabeh dulur si bungsu ngadukung total kahayangna. Kendae sugan jeung sugan kahirupan kulawarga urang henteu deui ditingal sabeulah mata ku batur. Sugan jeung sugan si bungsu mah milikna leuwih alus, bisa genceng sukses, kirangbara urang kabeh teu sakola luhur, kendae giliran si bungsu nuturkeun si pangais bungsu ngarasakeun sakola di SMA. Sugan si bungsu mah leuwih motekar hirupna engke mah. Tuturkeun ka dapur Bapa nya.” Ceuk Bapak kuring sabari mere kode ka lanceuk lalaki anu panggedena salaku kokolot salain ti Bapa sorangan.

Teu apal naon nu diobrolkeun ku dua malaikat eta. Pas wanci isukna, isuk-isuk pisan kuring indit diajak lanceuk lalaki anu panggedena ka SMA nepungan pupuhu sakola dek ngadeuheus cenah. Teu apal naon nu rek diobrolkeun dina sungkem tur deuheusan lanceuk kuring eta. Nalika paamprok raray di ruangan kokolot/pupuhu sakola, teu amprah kaditu kadieu deui lanceuk kuring langsung cumarita yen keluarga kuring menta bongbolang waktu keur mayar duit pamuka lawang kuring.


Gusti nu agung ngajerit pisan batin harita. Lain rek menta dikurangan jumlahna, tapi menta waktuna ditamahan. Kuring ngahuleng bari ramasbas cimata, mun dina enyana rek dibayar satengahna dina waktu singkat rek timana kulawarga kuring meunangkeun duit eta? Wedal ti dinya, mulang. Nepi ka imah sakabeh kulawarga ngarumpul deui kalayan dibuka ku panitah Bapa kuring ku caritaan,



“Isukan, dina wanci isuk-isuk pisan hidep kabeh dalahar sawaregna, bawa sakabeh pakakas kebon, tuturkeun Bapa.” Ngan sakitu, teu aya tamahan itu ieu deui. Kabeh bubar.


Isukna sasuai anu dijangjikeun, sakabeh kulawarga dahar saayana mung satakerna nurut kana panitah kolot kamari. Teu apal rek nanaonan saanggeusna. Mung karasa harita dahar saolah dahar pangnimatna, asa dahar terahir moal mangih deui dahar jigana teh. Kabeh ngabring nuturkeun nu jadi kolot nepi ka hiji tempat. Ti kajauhan beres kadenge sora sinso gegerungan nuaran tatangkalan jati jeung mahuni di hiji kebon. Nalika anjog ka kebon kolot sorangan, sakabeh ngahuleng yen sinso gegerungan teh nyaeta nuaran tatangkalan mahuni jeung jati di kebon Bapa kuring.


Kuring jeung lanceuk kuring karak sadar yen Bapa kuring nuaran tatangkalan anu mangtaun-taun diengkeun keur mayar biaya pamuka lawang sakola kuring. Ngajerit batin taya papadanna harita. Dahan-dahan anu teu kajual kapaksa dimanfaatkeun, dipangul bulak balik ku kabehan samampuna jarak opat kilometer ka imah ti kebon, mana kai baraseuh, mana jalan taneuh beureum leucir pisan, tapi hate leuwih ngajerit ningali jasa kolot jeung lanceuk melaan kuring.



Samemeh pagawean erep, Bapa kuring mangil sakabeh anakna, genep taun samemeh harita jadi sajarah Bapa kuring melak 5 tangkal jati digunukeun melakna, dicirian hiji-hijina ku ngaran sewing-sewangan make pahatan bedog leutik.


“Tong waka dituar ieu kabeh tatangkalan sahinga hidep acan karawin kabeh, geus tong pasea wae, sing padeukeut jeung dulur saperti deukeutna tiap tangkal jati anu dipelak ieu. Bungsu, maneh sing inget kana jasa-saja dulur-dulur maneh, sing eling kana kahirupan, sing peurih, belaan harkat jeung martabat kulawarga urang.”

Lain bohong lain wadul, sapaparat jalan bulak balik nepi kaerep ngakutan suluh baseuh opat kilometer sabalik dibaturan ku ramasbas cipanon jeung jeritan hate kabina-bina saking ku sedih tur nyaah ka kulawarga.

Kiwari kabeh tangkal jati anu 5 alhamdulillah beres ditarebang umurna beres belasan taun leuwih, sakabeh angota kulawarga beres maledar kahirupan jeung kulawarga alanyarna.


Hatur nuhun Gusti tos maparinan malaikat-malaikat suci dina kahirupan kuring.

Post a Comment